Conto Auto Biografi Bahasa Sunda

Monday, November 16, 2015

AUTOBIOGRAFI KRISTIANA
Tepangkeun nami abdi Kristiana, putra ti Bapa Harun sareng Ibu Emin. Kuring lahir dina dinten Kemis kaping 30 Juli 1998 ti lima padudulur. Kuring kaasup kanu panengah, gaduh raka dua, anu kahiji Hendra Suhendar parantos nikah, anu ka dua Wulansari atos nikah. Teras kuring gaduh dua pun adi. Nu kahiji Hilman Nurholik kelas opat SD. Anu kadua Rizki Aprilian kelas 2 SD. Adi – adi kuring sakola di SDN 4 Panjalu.
Pangalaman nyuprih elmu kapungkur kuring lebet SD taun 2005, sami wae sareng murid anu sanes salami 6 taun nyaeta di SDN 4 Panjalu anu aya di dusun Simpar. Lulus SD taun 2011 teras neraskeun ka SMPN 1 Panjalu anu aya di dusun Pabuaran, Panjalu. Di eta sakola kuring teu pati loba ngiluan kana ekstra kulikuler jeung organisasi. Taun 2014 kuring lulus ti eta sakola.
Saatos lulus ti SMP kuring ayeuna nuju neraskeun sakola di SMAN 1 Cihaurbeuti, kapungkur kuring lebet ka SMA taun 2014. Ayeuna kuring sakola nembe kelas 2. Kuring nyandak jurusan IPS kusabab lamun kuring nyandak jurusan IPA moal ka otakan, kusabab kuring mah bodo henteu, pinter enya. Salami kuring sakola teu acan pernah meunang penghargaan, tapi Insya Alloh kapayunna, upami aya kasempetan di usahakeun kenging hiji wae mah penghargaan, supados nu janten Ibu sareng Bapa di bumi ngarasa bangga gaduh putra sim kuring.
Oh uhun !! hobi kuring teh seueur pisan, diantarana nyaeta maen basket, lari, maen game jeung loba deui.

Tah eta biografi simkuring, pamoga tong janteun conto da simkuring mah seueur pisan kakuranganna.
Sakitu wae nu sim kuring bisa ditetelaken hampura anu kasuhun.
Share on :

No comments:

Post a Comment

 
Copyright © 2017 beritamenjadisatu.com
Distributed By Putra Panjalu | Design By Dindin Zaenudin