Contoh Otobiografi Bahasa Sunda

Tuesday, November 24, 2015

Conto Otobiografi Basa Sunda

Assalamualaikum Wr. Wb.
Wasta abdi Pauji Hamzah, abdi lahir di Ciamis dinten Rebo kaping 28 Oktober 1998 anak ka hiji ti sadulur ti keluarga Bapak Vares Sulaiman sareng Ibu Kokom Komariah. Abdi gaduh ra’i 3, anu ka 2 kelas 4 SD, anu ka 3 kelas 2 SD, anu ka 4 mah teu acan sakola nembe ge 5 taun .
Pangalaman nyuprih elmu, pendidikan formal di kawitan ti taun 2003 abdi lebet ka TK AL-Mujahidin anu aya dilembur sim abdi, teras abdi neraskeun sakola ka SDN 8 Panjalu ti taun 2005 dugi ka taun 2011, teras abdi lebet ka SMPN 1 Panjalu ti taun 2011 dugi ka taun 2014, abdi lebet ka SMA taun 2014 dugi ka ayeuna abdi masih di ajar di SMAN  1 Cihaurbeuti leres na di kelas XI jurusan IPS.
Pangalaman abdi salami di SMP abdi ngiringan Ekstra kulikuler Maen Bola nu Alhamdulillah juara ka 2 sa priangan timur nu diperlombakeun antara pelajar SMP, salian ngiringan maen bola abdi oge ngiringan Ekstra Kulikuler Pramuka da nu diwajibkeun ku sakola, di SMA abdi ngiringan Ekstra Kulikuler maen bola sami sareng sobat-sobat abdi waktos sakola di SMP kapungkur.
Salian ti eta abdi oge pernah ngadamel Lilin, Sabun colek, sareng melak tangkal kacang buncis, teras di jual ka kelas kelas nu sanes waktos di kelas V kapungkur. Abdi oge linggih di dusun Banjarwaru RT 19 RW 46 Desa Panjalu, Kecamatan Panjalu, Kabupaten Ciamis, Provinsi Jawa Barat.
Sakitu Otobiografi ti sim abdi hapunten sadaya kalepatan ti diri abdi da mung sakitu tiasa na nu disampaikeun, sakali deui hapunten nu kasuhun, Haturnuhun.

Wassalamualaikum  Wr.Wb
Share on :

8 comments:

 
Copyright © 2017 beritamenjadisatu.com
Distributed By Putra Panjalu | Design By Dindin Zaenudin